OLEH : SYARIF HIDAYAT
ALUMNI SMA PLUS PAGELARAN
ANGKATAN 2013
Ujian Jeung Cobaan Hirup
السلام عليكم ………. الخ
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى خَلَقَ فَسَوَّى وَالَّذِى قَدَّرَ فَهَدَى.
اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَهُوَ يَعْلَمُ
الْجَهْرَ وَمَا يَخْفَى وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيَّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ
وَرَسُوْلُهُ خَاتَمَ اْلأَنْبِيَاء
( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ
تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. اَعُوْذُ بِاللهِ
مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : زُيِّنَ
لِلنَّاسِ حُبُّ الشَّهْوَاتِ مِنَ النِّسَاءِ وَالْبَنِيْنَ وَالْقَنَاطِرِ
الْمُقَنْطَرَةِ…….الخ
Hadirin Sidang Jum’at
Rahimakumullah. Ngalangkungan khutbah awal anu kalawan ringkeus ieu
Ari sadaya puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos
ngayugakeun sarta anu nyampurnakeun sareng anu nangtukeun sarta anu maparin
pituduh. Sim abdi nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak
disembah anging gusti Allah, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan
kamanteNa anu terang kana perkara anu nemrak sareng perkara anu nymput, sareng
sim abdi nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana
Allah sareng RasulNa anu janten panungtung para Nabi.
Saparantosna ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam
ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna
kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga
urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan
kanggo kahontal kabahagiaan dunia sareng akherat.
Tina sapalih ajaran taqwa urang kedah uninga yen hirup didunya
ien pituh ku rupa2 ujian jeung percobaan anu teu putus2 sareng teu aya lirena,
moal aya anu salamet dina enggoning nempuh eta ujian sareng percobaan salian ti
jalmi2 anu teguh iman sareng sampurna taqwana ka Allah swt. Diantawis cobian
Allah swt diuningakeun dina surat Ali Imran ayat 14 : ……
Geus dipapaesan jalma2
teh ku mikacinta kasenangan nafsu, nyaeta awewe, anak incu, emas perak anu
lobana mangpikul-pikul, kuda tunggang nu pinilih, sato ingon2, sawah jeung
kebon. Nya kitu papaes dunya teh tapi di allah mah aya tempat mulang anu
langkung hade
Hadirin sidang jum’ah
rahimakullah
Nilik sareng
ngagantung kana ayat tadi ternyata ujian allah ka hambana aya 6
Ujian anu kahiji :
ujian anu nyangkut sareng urusan istri. Naon margina Allah nguji ku urusan istri.
Sabab istri kasauran Ahmad Mustopa Al-Maragi
هُنَّ مَوْضِعُ الرَّغْبَةِ وَمَطْمَحُ اْلأَنْظَارِ
Ari istri janten obyek kasenangan sareng tempatna kaindahan,
kusabab istri hampir sakabeh budi, tingkah laku, laga jeung aksi,lengkah jeung
gaya cara ngomong jeng make pakean dipengaruhan ku rasa hayang hirup anu untung
bari nyingkirkeun wanoja anu jadi panyilekanana
Dina ujian sarupa ieu loba pisan anu ragrag jalma2 anu lemah
imana, anjena lali kana tuntunan ti pangerana, tur teu sadar kana harga dirina
akhirna ngalajur nafsu, ngotoran namina anu hade, jeung kahormatan ibu ramana
sareng keluawargina, ragrag kana jurang dosa, kahinaan jeung kabinasaan anu teu
bisa ditebus ku harta benda. Malah teu saetik kajadian hiji jalma anu kacida
taatna ka allah sanggesna rimbitan jadi pindah pilempangan sanes taat ka allah
tapi sami’na waato’na kana kahoyong bojona anu dipikacinta tea. Kacintaan jeng
kataatan ka gusti allah ti leletik the ges dituker tur robah haluan, ges
banting setir ku kacintaan anu kalelewihi ka istrina, eta jalma the tiwas
nyangharepan atawa ngaliwatan ujian jeng percobaan.
Ujian anu kadua :
ujian anu nyangkut sareng urusan anak.
Pikeun anu teguh imana, anu sampurna taqwana ka allah kacintaan
ka anak the geus mawa kana kabagjaan hirup kulantaran ngabogaan turunan. Tapi
piken anu lemah imana jeng teu sampurna taqwana. kacintaan ka anak teh matak
jadi sabab kanu jadi anakna, teu aya tali hubungan jeng pangerana sahingga
sapanjang hirupna si anak teu bisa ngarasakeun kabagjaan hirup ngabogaan
pangeran anu timbul lantaran perbuatan lengen bapana. Si bapa anu sarupa kieu
geus jadi sabab anu mutuskeun tali hubungan antara anak jeung pangerana. Galib
satiap jalma
وَحُبُّ الْبَنِيْنِ اَقْوَى مِنْ حُبِّ الْبَنَاتِ لأَسْبَابٍ كَثِيْرَةٍ مِنْهَا
:
-
أَنَّهُمْ عَمُوْدُ النَّسَبِ الذى به تَتَّصِلُ سِلْسِلَةُ النَّسْلِ
Anak lalaki
mangrupakeun tulang punggung katurunan anu aya kaitana sareng dirina.
- أَمَلُ الْوَالِدِ فِى
كَفَالَتِهِمْ لَهُ حِيْنَ الْحَاجَةِ اِلَيْهِ لِضَعْفٍ اَوْ كِبَرٍ
Harepan anu jadi kolot
ka anak lalaki supaya bisa ngabantu dina nalika geus rempo jeng pikun
-
اَنَّهُ يُرْجَى بِهِمْ مِنَ الشَّرَفِ مَالاَيُرْجَى مِنَ اْلإِنَاثِ
Ti anak lalaki
diharepkeun bisa mawa kamulian anu teu bisa ku anak awewe, seperti penguasaan
suatu disiplin ilmu, pagawean, kapamimpinan dst,
-
الشُّعُوْرُ بِأَنَّ اْلأُنْثَى حِيْنَ الْكِبَرِ تَنْفَصِلُ مِنْ عَشِيْرَتِهَا
وَتَتَّصِلُ بِعَشِيْرَةٍ اَخْرَى
Aya perasaan anu jadi
kolotna bahwa anak awewe lamun geus gede bakal pisah jeung anu jadi kolotna
jeng kumpul sareng keluarga lain.
Hadirin sidang
jum’ah……….
Ujian anu katilu :
ujian anu nyangkut sareng urusan harta
Aya jalma anu ngarasa teu aya anu lewih penting jeung lewih
utama dina jero hirupna, salian ti harta kakayaan, pikeun dirina teu berat
papisah jeng anak pamajikan, baraya jeung sahabat, malah pisah jeung agama oge
pikeun numpuk2 kakayaan. Mikacinta kana harta memang geus jadi fitrah anu geus
ngadarah daging pikeun satian insane. Rahasiahna Sabab harta mangrupakeun
sarana pikeun ngahasilkeun sagala maksud, sarana pikeun menangkeun kalezatan
jeng jadi pamuas nafsu syahwat. Dimana harta tos loba maka kahayang tumpuk2
harta semakin bertambah sahingga manehna poho yen harta teh mung saukur sarana
lain tujuan.
لَوْ كَانَ لاِبْنِ آدَمَ وَادِيَانِ مِنْ ذَهَبٍ لَتَمَنَّى اَنْ يَكُوْنَ
لَهُمَا ثَالِثٌ وَلاَ يَمْلأُ جَوْفَ ابْنَ آدَمَ اِلاَّ التُّرَابُ وَيَتُوْبُ
اللهُ عَلَى مَنْ تَابَ
Ujian anu kaopat : ujian anu nyangkut sareng urusan kuda piaraan
anu pinilih (ayena mah mobil sedan mersedes)anu jadi kamegahan sareng bisa dijadikeun
tutumpakan, ujian anu sarupa kieu sering mawa manusa poho nu teu aya hinggana,
poho kawajiban kaanak istrina, poho kana kawajiban ka Allah, poho kana agamana,
sabab hatena geus katalian kacangred pageh ku eta kandaraan tea.
Ujian anu kalimi kagenepna : ujian anu nyangkut sareng urusan
sato ingon2jeng tatanen boh ngingu sapi, munding anu bisa ngahasilkeun kakayaan anu
lain lumayan, malah urusan pertanian anu mangrupa tanah, sawah, kebon sareng
anu sanesna
Hadirin siding jum’at
Ieu sadayana, wanita, harta, tahta sarta sejena deui mangrupa
ujian pikeun nyaring, saha anu bisa nahan diri, tetep dina bakti ka Allah, teu
katipu, teu kapangaruhan ku rupa2 ujian tadi, jeng saha anu lemah imana, ragu2
jeng mundur maju dina kayakinana, anu ahirna sasar tina jalan allah anu
sabenerna. Ku lantaran eta, dina sagala gawe dina nyangharepan sagala perkara,
urang kudu sapapanjangna inget, yen urang salaku jalma islam, ngabogaan tujuan
anu pokok, nyaeta ngabakti ka Allah kalawan harti anu saluas-luasna.
Mudah-mudahan ngalangkungan khutbah awal ieu Allah neguhkeun
iman urang dina nyangharepan sagala ujian hirup, jeng tetep hirup dina pimpinan
Allah buat nuju kana kasalametan dunya jeng akherat. Amin ya rabbal alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتِ وَالذِّّكْرِ الْحَكِيْمِ
وَتَقَبَّلَ مِنِّى وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
وَقُلْ رَبِّّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى تَفَرَّدَ بِالْعِزِّ وَالْجَلاَلِ وَالصَّلاَةُ
وَالسَّلاَمُ عَلَى مُنْقِدِ مِنَ الضَّلاَلِ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ خَيْرِ
آلٍ. ( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي
بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ
الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : اِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ
يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِىّ يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ آَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ
وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ اَمِيْن يَااَللهُ
يَارَب العالمين: اَللهمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ
مَغْفِرَتِكَ، وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ، وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ
بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ.اللهم إَنَّا نَعُوْذُ
بِكَ مِنَ الْهَمِّ وَالْحُزْنِ، وَنَعُوْذُ بِكَ مِنَ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ
وَنَعُوْذُ بِكَ مِنَ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَالْفَشَلِ وَمِنْ غَلَبَةِ
الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ. اَللهم إِنَّا نَعُوْذُ بِكَ مِنْ جَهْدِ
الْبَلاَءِ، وَدَرْكِ الشَّقَاءِ، وَسُوءْ الْقَضَاءِ، وَشَمَاتَةِ
اْلاَعْدَاءِ. رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآَخِرَةِ
حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّار. وَالْحَمْدُ لِلّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
عِبَادَ اللهِ اِنَّ
اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِى الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ
الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْىِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ
تَذَكَّرُوْنَ.فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ
يُعْطِكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرُ. اَسْتَغْفِرُ اللهَ لِى وَلَكُمْ
وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ